Peuting Di Dago

Meulah peuting di jalan Dago, Panon uing rambisak, dirajam ku sorot sarebu lampu.Cika-cika kahirupan ting kariceup,ngaleor matak uruy,ngalanggeor tina papan-pana reklame nu ting buricak,di kenca katuhueun jalan. "Akang moal lungsur heula ? " Olo manehna bari ngeletan.Uing ngan ukur ngabales ku gideug, bari panon culak-cileuk neangan bulan nu nyumput teuing dilipetan langit nu belah mana ?.